Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/260

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119

Radja mesěm bari mikir di djěro manah; ěh noe kitoe koe bisa, tjatjakan Radja-Radja noe garagah noe sarakti oge teu arijasaeun, tapi sakitoe deui keun bae hajang njaho.

Pok Radja nimbalan: Ari jara dewekmah saha bae noe bisa někanan ka pamenta poetri, nja eta pimantoeweunteh. Ajeuna geura bral silaing ka talaga, teuleuman ali intěn, lamoen beunang nja bagdja silaing, moen teu beunang nja tiwas!

Hatoer ki Pawitra: Abdi sědja ngalampahkeun timbalan, njoeboenkeun běrkah goesti bae koelanoen.

Tjong Pawitra njěmbah bari indit toeloej ka talaga ngaboelĕng disisi talaga, nendjo talaga sakitoe matak sijeunna, tjai katendjo hideung koe djěro-djěrona, kawas tanggěl beunang diteuleuman, katengahnage meureun geus beak karĕp.

Ki Pawitra leumpang moendoer madjoe nangkeup harigoe bari ngomong Euleuh-euleuh paingan teuing euweuh noe bisaeun, paingan matak paeh, ah parandene kitoe, soesoeganan bae, dikoemahakeun da geus oendjoekan ka Radja paeh nja paeh, hiroep nja hiroep, ngan moega-moega bae koe Goesti Allah dipaparin salamět. Keur kitoe pětjěnghoel aja laoek ĕmas tiloe ti djĕro talaga, laoek noe hidji soengoetna ngegel kidjing, sarta eta laoek njampeurkeun ka ki Pawitra ka sisi pisan, koe ki Pawitra ditendjo bae, geus deukeut pisan laoekteh barang něpi ka hareupeun ki Pawitra, kidjing noe digegel dialoengkeun, sanggeus kitoe laoekteh baralik ka noe djěro.

Ki Pawitra heraneun pisan nendjo lampah laoek kitoe, naon maksoedna djeung naon etateh? Estoe laoek atawa djoerig tjai.

Toeloej eta kidjing koe ki Pawitra ditjokot, pek diboeka, ari beh eusi kidjing bět ali ĕmas mata intěn.