Nji poetri bingoengeun katjida manahna, ari hĕnteu toeloes kawin koemaha? da geus djandji ari toeloes da teu bogoh djeung lain sasamana.
Tidinja pek bae ngamanah pikeun moendoet tandjakan, sarta minangka pamoedjina wantoening istri běrboedi, geus aja dina manah, toeloej oendjoekan ka Radja saoerna : Ama koering langkoeng noehoen wireh eta djalma geus meunangkeun eta ali, nanging ajeuna koering gadoeh deui pamenta ka eta lalaki!
Timbalan Radja: Hade njai, naon nja pamenta njaiteh? Walon poetri: Kijeu pamenta koeringteh: koering rek ngawoerkeun bejas sakaroeng di djěro kěbon anoe bala, eta bejas koedoe ditjokotan koe noe nimoekeun ali tea sarta oelah aja noe tinggaleun sasiki-siki atjan, djeung oelah aja noe rek ngabantoewan; isoek samemeh bidjil panon-powe eta bejas anoe sakaroeng koedoe geus djogrog didijeu, kitoe pamenta koering oepami karěmpagan koe ama!
Saoer ramana; rěmpoeg pisan hade ajeuna oerang bedjakeun kòe ama!
Ladjĕng Radja kaloewar ti djĕro boemi ka pajoen, něpangan deui ki Pawitra, pok Radja nimbalan: Ajeuna poetriteh atoheun pisan doemeh ali geus beunang, tapi ajeuna aja deui pamentana Ki Pawitra naros: Soemoehoen timbalan naon deui pamendoet poetrateh? Timbalan Radja: Pamenta poetriteh kijeu: Engke sore poetri rek ngawoerkeun bejas di kěbon di noe bala, eta bejas koe silaing koedoe ditjokotan asoepkeun deui kana djěro karoeng, oelah aja djalma noe ngabantoewan djeung oelah aja noe tinggaleun sasiki-siki atjan.
Isoek samemeh bidjil panon-powe eta bejas koedoe bawa koe silaing kadijeu !