Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/263

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122

Ki Pawitra toengkoel mando mikiran timbalan Radja. Beu ijeumah pamoendoetteh bararangga bae, taja pětana aing bisa, oelaben sapeuting, nadjan saboelan bae taksiran mowal bisa bejak katjokotan eta beas; eh tapi sakitoe deui soegan bae aja noe noeloeng tjara katoekang.

Tidinja tjong bae ki Pawitra njěmbah amit ka pondok, koe Radja geus ka idinan. Ki Pawitra loentang-lantoeng bari mikir-mikir pilampaheun djeung něda-něda soepaja dikaboel maksoedna.

Katjarita poetri geus djĕngkar ka kěbon njandak karoeng bejas tea, waktoena poekoel gěněp sore soemping ka kěbon, pek ngawoerkeun beas, sanggeus ngawoerkeun beas, toeloej moelih sarta nimbalan ka hidji gandek ngabedjakeun ka ki Pawitra geura djig tjokotan bejasteh, sarta didjaga oelah anoe sedjen rek ngabantoewan ka ki Pawitra.

Poekoel toedjoch boes ki Pawitra asoep ka djěro kěbon, barang soepteh heg powek djeung bala, meh teu katendjo sasiki-siki atjan bejasteh, toengtoengna pek bae ngahoeroen baloeng bari hoemandeuar: Ija Allah koemaha pětana batan kijeu sareatna, ari teu dilampahkeun kapalang, ari dilampahkeun taja taksiran bisa.

Keur ki Pawitra mikir kitoe, broel bae sireum roepa-roepa noe gĕde noe leutik pirang-pirang geus taja bilangeunnana, eta sireum kabeh njarokotan beas tea, sarta diarasoepkeun kana karoeng tea, běrěsih pisan euweuh noe kalaroeng. Ari ditendjo koe ki Pawitra karoeng geus pinoeh, atoeh pikirna atoheun pisan toeloej balik ka pondokna, sarta moedji ka Allah, sjoekoer aja pitoeloeng sakijeu gedena karoeng geus dieusi deui beas.

Gantjangna soeboeh-soeboeh toeloej indit deui ka kěbon