Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/264

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
125

njidikkeun bisi aja noe tinggaleun, alak-ilik kana djoekoet, tetela teu aja sasiki-siki atjan beas noe tinggaleun.

Toeloej eta karoeng dibawa ngadeuheus ka Radja disanggakeun.

Barang katingali ki Pawitra mawa eta karoeng geus pinoeh deui koe bejas, manah Radja kaget katjida, tina taja taksiran bisa njokotan beas diawoerkeun dina djoekoet sakitoe balana. Radja njaoer mantri dipiwarang ngoemisi ka kěbon, tina Radja manahna teu pĕrtjaja, toeloej mantri indit ngoemisi di kěbon dihantěm diilikan dikorehan bisi aja bejas katinggalleun, tapi euweuh hidji-hidji atjan noe kapanggih.

Ki mantri pikirna heran; sanggeus beak panasarannana toeloej balik ti kěbon ngadeuheus ka Radja, pok oendjoekan: Parantos koe abdi dikoemisi di kĕbon malah disingkaban dina dangdaoenan dikorehan di noe bala taja noe kaliwat, nanging teu aja pisan sasiki noe katinggaleun. Timbalan Radja: Sjoekoer ari geus sidikmah, ajeuna geura los kaitoe nji poetri, tjoeloekan kadijeu kitoeh ijeu karoeng bejasteh geus djogrog deui.

Toeloej mantri indit ngadeuheus ka karaton, ari datang, pok mantri oendjoekan ka poetri: Gamparan disaoer koe rama, anoe ngabantoen karoeng bejasteh geus dongkap.

Geuwat poetri djěngkar ngadeuheus ka ramana barang soemping pok Radja nimbalan Njai ijeu karoengteh geus pinoeh deui koe beas, djeung koe ama geus diloris bisi aja noe tinggalleun atawa ngabobodo.

Koemaha ajeuna njai pikarěpeun tina geus hasil pamenta njai? Rasa ama ajeuna geus meudjeuhna kawin, sanadjan ĕnja oge eta djalma lain bangsa, da geus hasil kabeh pamenta njai, lamoen tjidra ti djangdji, era těměn, meureun