Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/265

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

124

oerang mashoer kamana-měndi, djeung karoenja těměn tina geus sakitoe hese tjapena!

Walon poetri: Lěrěs pisan sadaja timbalan ama koe abdi geus kahartos, nanging ajeuna abdi rek gadoeh pamenta sapěrkawis deui bae, oepami teu hasil pamenta koering narah dikawinkeun !

Saoer Radja Naon pamenta njai noe ajeunateh? Poetri ngawalen: Ajeuna pamenta abdi kijeu: Hajang boewah koldi tina tangkal kahoeripan.

Katjarita eta tangkal koldi kahoeripan tea ajana diloehoer goenoeng, sarta eta goenoeng sanget pisan, teu beunang disaba koe djalma ; lamoen aja noe njaba kadinja koedoe bae tiwas, babakoena sok gering roepa-roepa kasakit, ahirna geus tangtoe maot.

Soemawonna dina poentjakna lebah tangkal koldi tea, didinja pangsangĕt-sangĕtna, rea doeroewiksa maongna tingharĕgoeng, badak banteng tinggorobas, bagong patingsalěgrok, lěmboe patinggaroeroedoeg, oraj matih geus pabeulit, rame tjioeng ngadoe angkloeng owa kawas noe ngadowa, patjikrak kawas djidjingklak, beo kawas noe ngaheot jaksa boeta pada aja.

Malah eta koldi didjaga koe dewa, diaping koe djoerig, diraksa koe jaksa, bisi aja anoe ngala, tina koldi rea pisan kasiatna.

Poeloeh-poeloeh Ratoe pirang-pirang djalma noe geus njaba ka goenoeng eta sědjana ngala koldi kahoeripan, tatjan aja noe salamĕt.

Tapi geus sakitoe njatana kasangĕtan eta goenoeng, masih keneh bae aja noe njorang tina kabita koe kasiat koldi tea.

Anoe matak poetri moendoet boewah koldi kahoeripan tina