Geus kaloewar ti kadatoen, sami pada nitih djoli, djoli direka geroeda, ditaretes intěn boemi, djangdjangna kawas ngalajang, panonna kawas boentjélik.
Dipajoen para toeměnggoeng, toenggang koeda bari njirig, rarahab tjenda poespita, matak serab noe ningali, ningali dangdanan koeda, hoeroeng-herang tingkarětip.
Kentja katoehoeweun tandoe, diaping koe prabopati, dipoengkoer para ponggawa, djeung sadaja para mantri, toer beres atoerannana, wanloe-wantoe patih radjin.
Gěr tatabeuhan ngagoeroeh, soerakna asa kaindit, rame lain kaoelinan, tina pintěrna ki palih, pěpěk kabeh pabormatan, anoe nongton heurin oesik.
Ngoeriling di aloen-aloen, meunang doewa tiloe balik, kěbat ka karang kapoetran, ngadjoegdjoeg boemi nji poetri, anoe beunang nělěbahan, beunang ngateer Raden patih.
Didinja geus beunang ngatoer, sadajana para istri, njadiakeun pamasangan, kaolahan warni-warni, keur baris anoe moendjoengan, njondongkeun para bopati.
Panganten geus djěboel tjoendoek, djoet laloengsoer tina djoli, dipapag koe para ěmban, djeung koe hidji nini-nini, bari mawa paroepoejan, sabělah ngadjingdjing kéndi.
Barang panganten djoet loengsoer, dipapag koe nini-nini, repeh kabeh tatabeuhan, hanteu aja anoe moeni, djěp kawas gaang katintjak, toeloej eta nini-nini.
Mapatkeun dowa rahajoe, adat paranti sasari, minangka oerang njawerna, pěrlente wantoe paranti, ěnggeus tamat ngadowana, ladjěng sadajana amin.
Kěndi ditjitjikeun geus tjoer, kana sampean koe poetri, kasampean tjarogena, geus kiloe děr deui moeni, roepa-roepa tatabeuhan, rendengan ěnggeus tarapti.