sakalangkoeng noehoen kawělasan goesti, sědja koemawoela pisan nanging darma djadi warangka bae.
Raden patih geus moendoer, ngadeuheus deui ka kadaton, datang ka pajoeneun Radja pok oendjoekan: Abdi prantes ngadeuheus ka poetra Praboe Anom, pioendjoek poetra sakalangkoeng noehoen sědja ngiringan kěrsa goesti!
Sarěng abdi ngoendjoekkeun tatabeuhan saniskantěn parantos sajagi bade ngadjěněngkeun tea. Timbalan Radja: Soekoer patih oerang ajeuna bae ngadjěněngkeunteh geura pek sadiakeun |
Toeloej patih ngoeroes-ngoeroes, para bopati, mantri-mantri para ponggawa geus koempoel digědong paranti masamowan, sarta beunang ngaranggo, kitoe deui tatabeuhan geus sadia.
Pek deui mětakeun noe baris mapag pangeran dipati ka karang kapoetran, aloes pisan atoerannana, oemboel-oemboelna mělěngkoeng, di djalanna di djadjaran lawe rontek, djalan kabeh diběbětek, lawang nganggo katja-katja, roepa-roepa karasmenan djeung tatabeuban.
Geus bral noe mapag ka karang kapoetran.
Teu lila pangeran dipati djeung garwana geus djěngkar beunang nganggo, atoerannana nja tjara tadi bae, waktoe keur rendengan tea, ramena ten kira-kira, tjara aleutan karia, ti poengkoereun broel ngagimboeng, ngěmbat-ngěmbat njatang pinang, rame sora tatabeuban.
Kotjapkeun geus soemping ka gědong, didinja gek tjaralik dina korsi gading, diamparan pramedani, Radja ramana poetri tjalik didinja dideuheusan koe mantoe tea.
Sanggeus kitoe pok Radja ngadawoehkeus ka patih ngembarkeun, raden patih ngaděg pajoeneun pangeran dipati, majoenna ka pra boepati pra ponggawa kijeu pokna: He