Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/278

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
137

keunnana hidji Radja sobatna toenggal sapagoeron keur moerangkalih, diarah kagetna sadaja abdi-abdi. Geus djoeng ponggawa noe mapag, ki patih ngoeroes pahormatan di karaton bae.

Katjarita Radja Koeripan geus soemping, rame sagala pahormatan, Radja doenoeengan mapagkeun ka latar. Radja Koeripan loengsoerna tina gadjah diloewar jawang karaton, hěnteu wěrateun loengsoer di lěbět.

Barang gok sarěng Radja doenoengan, Radja Koeripan moendjoeng njijoem sampean bari nangis, Radja doenoengan kitoe dewi nangis, ladjěng ditjandak kana korsi papajoen-pajoen, hempak dihandap para mantri ponggawa, ki patih noe pangdeuheusna ka Radja. Prameswari tamoe ditjandak ka djěro boemi bae.

Ki patih rawoeh para mantri ponggawa pada neuteup ka Radja tamoe djeung patih ngaharewos pokna: Koemaha oerang teh lamoer deudeuleuan oerangteh, Radja tamoe sarimbag djeung ki Pawitra ngan ijeu meunang těgěp? Tjeuk batoerna: ěnja deudeuleuan koela oge! Radja doenoengan mesěm bae ningali paningkahna para mantri ponggawa, děmi ěnggeus dahar leueut Radja doenoengan ngalahir: Heh ki patih rawoeh para ponggawa, lamoen kahilapan ijeuteh sang Radja nja ki Pawitra tea, hajoe pada maroendjoengan! Ki patih rawoeh para ponggawa gěr soerak bari toeloej maroendjoengan, kabeh oerang karaton pada maroendjoeng, koki ti dapoer mani loempat bari tjeurik, gabroeg bae njioem dampal bari haharěgoengan, Radja tamoe oge teu kaampeuh nangis bari ngoesapan poendoek ki koki.

Radja tamoe dikoelěmkeunnana di gědong sadjěroning kadaton bae, misah boemi djeung sang radja pamadjikan. Ladjěng