tadab amin, monjet anoe ngarěgehan, loetoeng anoe moemoeloedan, hormat ka Ratoe noe měntas moendjoengan ti doenoengannana. Sadjalan-djalan Radja ngan mesěm bae tina ngartos basa hewan.
Teu katjatoer kabeh di djalanna, djaeeh mo boeroeng tjoendoek, angang mo boeroeng datang, kotjapkeun soempingna bae ka nagarana, ramana langkoeng soeka boengahna.
Nagara těngtrěm dajeuh rěmpěg pageuh, hedjo lemok rambaj tjarila, ngarěndekeh batan sereh, ngarandakah batan mandjah, gareulis eusi boemina, darenok eusi pawonna, boentjir leuit rea doewit, soegih sapi soegih moending, rea koeda rea domba, rea ěmbe reudjeung kalde, nagarana tambah ardja.
Sabah diratoewan koe noe soegih pangarti, koe noe rea pangabisa, pěngkoeh hoekoemna, boeka panangannana, sabar manah.
TAMAT.
Ijeu kenging daměl misil, tina toeloeng tinoeloengan, sanadjan djeung bangsa sato, koedoe aja pamoelangna, nadjan teu diniatan, da saroewa bangsa mahloek, pada boga kangeunahan.
Djeung pada boga kanjěri, pada boga soeka doeka, tjoba oerangge moen njaho, ngarti kana basa hewan, tangtoe oerang teh njaah, meureun mowal nganteur napsoe, rěsěp nganijaja hewan.
Lěrěsna masih teu ngarti, kana omong sato hewan, ptriee koedoe njaah bae, oelah ngagaksak ngaroeksak, lain dina mistina, eta hatoer koela kitoe, lain njěgah meuntjit hajam.