njoba manglaankeun eta bangkong, toeloej sobatna rek njokot bangkong, barang ragamang oge leungeun noe rek noeloengan, bangkong sěmoe beuki pageuh ngaranggeumna koekoena mani njarěblek, teu toeloes ki sobat manglaankeunnana, tina sabab watir djeung sijeun, sihawěk djědjěritan bawaning koe njěri, bari ngomong, pokna: Lah keun bae, antěp oelah digaromeng-garomeng, karana ijeu koering njěri katjida, koelit mani kabawa koekoena.
Beuki lila manehna njandang sangsara, wěleh teu kapikir bae sababna noe matak kitoe.
Hidji mangsa ras bae manehna ingět lalampahan ka bapa bari ngomong didjěro atina: Palangsiang tina djalanan eta noe matak aing njandang sangsara.
Ajeuna aing rek djandji mowal kitoe-kitoe deui tjara lampah noe ka toekang, dimana bae aja lantarannana kami rek tobat ka bapa.
Teu pati lila tina waktoe kadatangan pikir kitoe, hidji waktoe eukeur darijoek deui djeung pamadjikannana di balik panto tjara sasari. bari njanghareupan opor hajam deui rek daiadaharan.
Datang deui bapana rek ngandjang, barang djol oge geuwat bae anakna indit mapagkeun, bapana kaget katjida mireungeuh anakna geseh pamolahna djeung sasari, sarta kaget aja noe nangkod dina beungeutna, toeloej nanja: Anak naon eta dina beungeut nangkod? Pitjeun, gila djeung tambah goreng patoet!
Tjek anakna: Lah koering teu bisa ngalaan, ijeuteh geus lami pisan, kitoe deui noe sedjen oge teu barisaeun ngalaan.
Toeloej manehannana soedjoed, kana toeoer hapana bari ngomong: Eh bapa koering tobat, koering roemasa teu salamět ti bapa, tina koering goreng niat ka bapa, ajeuna