Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/285

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
144

sakijeu siksaan ka diri koering, ajeuna moega-moega aja hampoera bapa.

Bapana reuwas ngareungeu omongan anak kitoe, koemaha onam pikir bapa ka anak, sagěde goenoeng kagorengannana anak, datang ka anteknamah leungit bae kagorenganteh, ngan njaah bae noe aja.

Bapana ngawangsoel bari doemareuda, awakna ngagidir bawaning reuwras djeung njaah. pokna: Adoeh oedjang! anaking bapa hampoera pisan, ija Goesti noe sipat rahman rahim moega ugahampoera dosana ijeu poen anak, da koering geus ngahampoera poetih běrěsih pisan!

Sanggeus bapana ngomong kitoe bangkong ngatjilog tina beungeutna, sarta ngadjadi deui opor hajam.

Tidinja toeloej bae daladaharan balaketjrak njanghareupen opor hajam doewa.

Bapana ngomong: Naha anak! bapa ngeunah-ngeunah tening nja toeteh djeung ponjo kawas noe tatjan bae, tajoh eta opor hajam noe kadoewa asak ngagorengna.

Ngawalon anakna: Koering oge ngeunah pisan nědateh koe sabab geus heubeul teu něda, tina kaloeman koe bangkong djeung ngararasakeun kanjěri, djadi ajeuna tjara kokoro manggih moeloed, poewasa manggih lěbaran, djeung geus dihampoera koe bapa ongkoh.

ASMARANDANA.

Tah eta geus djadi boekti, anoe doraka ti bapa, opor hajam djadi bangkong, djeung nangkod dina beungeutna, djadi moetoeh balangsak, tajoh bangkeng meureun matoeh, moen hapa teu ngahampoera.