TJARITA MAOENG.
DJEUNG
PAMADJIKAN TOEKANG TANI.
Di tanah Hindoestan aja hidji nagara, sarta eta nagara dingaranan Nagapoera, djeung disadjěro dajeuh eta aja hidji djoeroe-tani boga sawah diloewar dajeuh.
Hidji mangsa eta ki djoeroe-tani eukeur ngawoeloekoe sawahna, anoe dipake magawe moendingna sarakit, sarta narikna woeloekoe gantjang pisan, dihantěm, diangsit eta moending tina rea keneh noe baris diwoeloekoe.
Ari sawah djoeroe-taniteh dina raramboe leuweung gěde sarta loba pisan maoeng dina leuweung eta.
Ki djoeroe-tani keur ngawoeloekoe, aja hidji maoeng ngaliwat kadinja sarta katendjo djoeroe-tani djeung moendingna.
Barang ret ka djalěma djeung ka moending, maoeng atoheun katjida djeung ngomong djěro atina, pokna: Tah euj kaběněran teuing| bari koetap-ketap roendat-rindat boentoetna neupeuhan awak, haragam-harěgěm, ti kamari aing teu njatoe, ajeuna manggih moending doewa, teu woedoe loemajan tamba peurih peudjit |
Geus kitoe toeloej bae maoengteh njampeurkeun toekang tani tea; barang gok, pok maoengteh ngomong: Asalamoealaekoem! Alaekoem salam! tjek toekang-tani, bari ngadegdeg