8
sakitoe njaahna, ajeuna koe kami ge geus kapanggih, ngan kami risi sok sijeun Radja poetri hěnteu beunang.
Djohanoes njěmbah indit amit mikir heula, beurang peuting mikiran djalan noe hade, pikirna hajang geura beunang, risi nendjo Radja sakitoe kalělěbannana.
Gantjangna manehna geus nimoe piakaleun, toeloej ngadeuheus ka Radja, Radja kasondong keur linggih dina bangkoe, tjahja Radja aloem sěmoe noe ngangloeh, rarajna pias wantoe henteu pati koelěm, koematjatjang dina sotja, loemantoeng dina djadjantoeng, lělěb dipiangěn-angěn, taja deui noe dimanah, ngan Radja poetri. Barang ret oge katingali ki Djohanoes, koredjat goegah toeloej mariksa: Koemaha ajeuna maneh geus nimoe piakaleun?
Ki Djohanoes ngawalon: Eta poetri karěsěpna singsĕrwa ĕmas bae, ajeuna goesti kědah nimbalan kamasan njijeunan parabot ĕmas, da ĕmasnamah di goesti oge mowal kirang, mangke kijeu piakaleunanna.
Oepami barang-barang kabeh geus parantos, kapal geuwat dangdanan ditapoek koe ĕmas bae, toeloej oerang indit, doepi goesti kědah njamoer, mangroepakeun soedagar, abdi minangka boedjangna, ari soemping kaditoe goesti tjalik dina kapal, abdi bade ngadeuheus ka nagara, sartana ngabantoen barangbarang, geus tangtoe Radja poetri kapintjoet koe barang ĕmas.
Radja ngadangoe pioendjoekna ki Djohanoes sakitoe, saroewa bae djeung katjoendoekan wahjoe kadatangan bagdja, njaoer barina goemědjeng: Ajeunamah geuwat bae kamasan-kamasan geura parentah hajang indit powe ijeu pisan!
Toeloej manehna marentah sakoemaha timbalannana Radja tadi, gantjangna sakabeh geus sadija, kapal ĕnggeus didang-