Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/314

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

9

danan, noe nendjo pada serab tina sakitoe hoeroengna, djadi siga ěmas woengkoel bae. Radja geus nganggo tjara soedagar, doewanana niron soedagar, toeloej djěngkar, di djalannamah pandjang teuing lalakonna, sabab ditjaritakeun, montong bae ka palaboehan nagara eta. Kabeh di nagara eta pada kaget, nendjo kapal sakitoe aloesna, di basisir rea pisan djalma narendjo kapal noe kakara datang, nakleuk kawas powe pasar bae, pedah saoemoer nendjo kapal ĕmas, disarěboet kapal lajang kantjana, djeung pada něrka titihan koe noe sakti.

Toeloej ki Djohanoes handjat ka darat, Radja ngantosan dinakapal; ari datang ka nagara, manehna ngomong dina djěro atina: Naha ijeu nagara rame-rame teuing, kagĕdeannana kaaloesannana mowal aja noe kabeh pada soegih ngoengkoelan, djalma moekti beurat beunghar, sěsěmowanteh euweuh kasoesah, noe miskinmah soemawonna taja pisan, sadjalan-djalan kitoe bae omongna ki Djohanoes.

Tidinja toeloej ngadjoegdjoeg ka karaton bae, ngaliwat pirang-pirang lawang; oenggal-oenggal lawang aja noe ngadjaga djalma pětingan beunang milih, tatapi tina sabab Djohanoes niron anoe dagang, taja noe ngaharoe biroe: djol datang ka palataran gědong bae, sarta ngarendjag nendjo gědong sakitoe aloesna, hoeroeng herang parabotna, moenggah asa dina pangimpian. Tina manehna bingoeng taja goewam, anděkak sila dina handapeun tangkal nagasari, doemadakan aja istri poetri poelang hidji ngadjingdjing ngala tjai, ti tjai, toeloej noe ember ěmas, dipiwarang koe njamoer njampeurkeun noe eta istri loewak-lijeuk ka toekang, ari beh bět aja lalaki mawa barang-barang, kaget barina nanja : Eh paman ! pamanteh anoe ti mana ? djeung naon anoe dimak-