10
soed noe matak datang kadijeu, sěmoe lain oerang nagara ijeu, djeung deui mawa naon noe digembol?
Noe ditanja ngawalon: Kaoela saestoenamah soedagar nagara langkoeng djaoeh, ari noe matak datang kadijeu sědja dagang, nanja hajang digaleuhan koe Radja, djeung deui koela nanja: Sampeanteh saha? Walon istri: Kaoela gandek Radja poetri, ti boeboedak tjitjing di djěro, ari ajeuna djadi gandek pangkanjaahna sarta dipěrtjaja !
Noe dagang nanja deui: Naha eta poetri tatjan tjarogean, naha euweuh noe ngalamar, djeung deui dimana ajeuna tjalikna? tjoba ijeu barang koe njai tingalikeun, soegan bae aja noe dimanah!
Diwangsoel koe istri djoeroe simpěn: Hih noe ngalamarmah rea Ratoe tjoendoek, menak datang saboeka siang taja noe ditampa, paroelang lengoh bae, aja keneh noe diantos, lalaki anoe sadjati, lalanang anoe oetama, satria anoe prawira; ari pěrkara barangnah paman montong salěmpang, kabeh mo boeroeng digaleuh koe poetri, noe matak karěsěpna tjotjoowan ĕmasteh, hajoe bae oerang ngadeuheusan!
Toeloej ki Djohanoes dibawa ngadeuheusan ka Radja poetri, poetri keur linggih bae; barang beh oge ki Djohanoes nendjo ka sang Radja poetri datang ka ngarandjoeg, bari mata simeuteun, saoemoer kakara manggih istri sakitoe geulisna, kawas ipěri anoe ngadjadi, dewata ngomong di djěro atina: Adoeh paingan goesti, koetan poetri noe kagoengan gědong ĕmasteh aloes batan dina gambar, njaah těměn koe Radja lamoen henteu diparĕngkeun kadinja.
Poetri geus ditjariosan koe gandekna, jen aja noe mawa dagangan, toeloej bae poetri mariksa ka noe dagang: Maneh teh soedagar timana, mana mawa barang sakitoe aloesna?