12
dipaling, leuwih hade aing paeh manan poetri teu kamilik. Radja poetri nja kitoe deui njaoer sadjěroning manah: Adoeh goesti! saoemoer doemělah aing kakara nendjo noe kasep tjara ijeu, sageuj lain toeroenan ratoe, tědak radja.
Ladjĕng sang poetri ditjandak ningalian barang-barang anoe araloes, Djohanoes goera-gĕro nitah pasang lajar, teu lila kapal geus balajar deui, Radja poetri soekana liwat saking, kapal madjoe datang ka teu karaos.
Sanggeus barang ditingalian, andjeunna sasaoeran ka nangkoda: Ajeuna koela amit moelang sabab geus lila teuing. Toeloej sang poetri kaloewar, ari soemping ka loewar hég ningali ka boemi bět geus djaoeh pisan, sarta ngaraos kapal madjoe.
Poetri bĕndoe barina nangis sasambatna kijeu pokna: Adoeh rama iboe koemaha koering, ajeuna langkoeng prihatin! poetra geus aja di noe dagang barang, koering dibobodo keur nendjo barang di kapal toeloej kapal diladjoekeun, njana kijeumah koering kabongroj koe doenja, si soedagar koemawani maling aing! Radja mesěm ngadangoe, saoer dina manah: Nadjan tjeurik gogoleran oge da teu aja pětana pidianteurkeun deui.
Radja njampeurkeun ka noe keur nangis, lahir Radja: Doeh goesti djantoeng ati koering, doenoengan koering, sěmbaheun saoemoer hiroep, ajeunamah moelih ge kapalang, geus deukeut ka dajeuh koering, manan ka nagara agan itoe geuning geus teu lapat-lapat atjan! Radja njaoerna kitoe bari njandak panangan sang poetri.
Poetri ngeperkeun panangan lahirna bari moengkoer ka noe ngoepahan Kadjeun teuing kami soeka paeh bae djeung daek miloe ka manehmah, kami nadjis ngingintil noe dagang barang, era těměn koe sasama.