15
Geus pantarna noe kasep reudjeung noe geulis, paměget asěmina, oejahna sang Radja poetri, těgěsna adoena pisan.
Ki Djohanoes ngeset rěbab bari ngawih, minangka mirigna, ka noe keur njatjapkeun asih, ngaboektikeun soeka manah.
ASMARANDANA
Beurang kaganti koe peuting, měněron keur tjaang boelan, marabak kawas těngange, matak waas titingalan, lambak Patinggoerilap, pada tjaralik diloehoer, moelan niiskeun salira.
Sasaoeran pili gěnti, njarilakeun salirana, sěmpal goejon bari otel, sang Radja poetri saoerna, ěh éngkang hanteu njana, oerangteh kaoentoen tipoeng, laksana anoe di sědja.
Ama geus rěměnteh teuing, nawaran geura lakian, dipiwarang milih bae, da geus rea noe ngalamar, koe koering diwalonan, abdi soemoehoen běběndoe, tatjan rek sědja lakian.
Satěměnna pikir koering, gamparan noe diantosan tina geus meunang Uarios, aja Radja djténéng anjar, kasep kabina-bina, loenggoeh djeung pinoeh koe elmoe, boekti pisan omong bedja.
Sang Radja anom ngalahir, njaoer barina njioeman, hih noe geulis bisa ngomong, bisa ngolo ngalap manah, geus tajoh kageulisna, ladjěng koe Radja dipangkoe, ditjandak ka pagoelingan.
Katjatoerkeun barang rek ngadeukeutkeun ka nagara, aja gagak tiloe halibér moeroe kana kapal, toeloej areunteup dina tihang lajar.
Ari tjek ki Djohanoes: Bět teu pantěs teuing aja gagak ka laoet, mana kitoe oge soegan aja pibedjaeunnana, tjik rek