Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/321

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

16

didedengekeun; toeloej ki Djohanoes ngadengekeun dina handapeun tihan lajar.

Gagak noe pangleutikna ngomong ka batoerna, pokna: Tah geuning. beunang poetri teh koe Radja, koe oerang ditorah mowal beunang.

Tjek noe paněngah: Enja ajeuna eta poetri geus katjandak koe Radja, tapi tatjan tangtoe beunang.

Gagak noe katiloe ngomong, bari njěntak: Wah tatjan beunang koemaha poegoeh geus digedengkeun, tjalikna oge sasat geus kakeupeul.

Gagak noe pangheulana nembal deui: Sanadjan geus digedengkeun oge tatjan poegoeh salamět, rea keneh halangannana, mangke di darat aja koeda beunang ngararangkenan, njampeurkeun ka Radja sěmoe hajang ditoenggangan, koeda teu poegoeh djolna.

Radja bakal kagoda hajang toenggang koeda eta, tapi lamoen toenggang koeda eta Radja tjilaka mowal ijasa moelih deui ka boemina, anoe matak dibawa ngapoeng koe koeda sarta mowal poegoeh losna, djeung poetri taja pětana pitěpangeun deui.

Gagak noe kadoewa nanja deui: Naba mowal aja noe bisa noeloengan, njaah teuing koe Radja!

Ari tjek gagak noe katiloe: Ari etamah gampang, dapon aja noe wani bae miheulaan Radja noempakan eta koeda, dina deukeut selana aja pestol, eta pestol koe noe noempakan teh koedoe geuwat ditjokot, sarta toeloej dipake ngabědil koeda tea, tapi nja eta atoeh teu koe hanteu aja Radja salamět eta djalma noe ngabědil tjilaka ngadjadi batoe; saha-saha djalma noe ngadenge omongan oerang beog dilampahkeun, djeung dioendjoekeun ka Radja eta djalma ĕnggeus