Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/322

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

17

tangtoe djadi batoe salawasna, djaba ti oerang mowal aja noe njaho.

Gagak noe kadoewa ngomong: Nadjan eta koeda geus aja noe ngabědil oge, Radjamah tatjan salamět keneh bae; anoe matak mangke ari andjeunna soemping ka boemi, di těngah boemiteh njampak pangganggo, diwadahan koe baki, pantěs anggoweun Radja, aloes kabina-bina, satěměn-těměnna eta panganggoteh seuneu woengkoel!

Gagak noe panggédena nanja deui ka noe paněngah: Koemaha mowal aja noe bisa ngahalangan?

Gagak paněngah ngawalon: Aja oge tambana, koedoe aja noe ngěkěsěk eta panganggo, soepaja oelah datang ka dianggo; ngěkěsěkna koedoe make saroeng tangar; tah lamoen kitoe meureun Radja salamět; tapi sanadjan salamět tina pérkara koeda djeung tina pěrkara panganggo, masih aja keneh bae kasoesah Radjateh, nja eta bakal kapoosan koe poetri mangke dina waktoe nikah, dina téngah-téngah ramena pesta; Radja poetri kapijoehan, lamoen teu katimoe saratna, tangtoe toeloej poepoes. Ari pidamangeunnana koedoe dipangkon, sarta tina dadana koedoe dibidjilkeun gětih tiloe tetes; tah lamoen teu kitoe mowal něpi ka isoek, poepoes. Djeung deui ijeu rasiah lamoen aja noe njaho sarta dioendjoekeun ka Radja atawa dioetjah-atjehkeun, soemawonna dipilampah, mowal lila deui eta djalma djadi batoe!

Gagak noe pangleutikna ngomongan loengas lěngis: Njaah teuing koe Radja, bět koe rea pibajaeun salirateh, aja boga poetri aloes, andjeunna rea gogoda! Sanggeus ngaromong kitoe gagak tiloe haliběr deui.

Djohanoes ngahoelěng bae sanggeus ngadenge omong gagak teh; soesah pisan manehna mikiran eta; ari teu dioendjoekkeun

WARNASARI JILID III
2