18
ka Radja koemaha? meureun Radja lapoer; ari dioendjoekkeun manehna soesah katjida. Lila-lila manehna ngomong dina djĕro atina: Lah ajeuna kadjeun teuing aing djadi batoe, soepaja Radja bae salamět; naon atoeh pamalěs ka Radja, aing dipikanjaah koe ramana něpi ka ajeuna dimoektikeun, nja ajeuna mangsana aing malěs, leuwih hade aing djadi batoe manan Radja tjilaka; mahal salira Radja djeung awak aing, tapi koe aing mowal dioendjoekkeun ngan rek dilampahkeun bae sakoemaha tarekahna.
Nagara geus katembong marakbak ti kadjaoehan, teu koengsi lila kapal geus laboeh djangkar, Radja istri paměgět geus noenggangan sampan, didinja reboe-reboe anoe mapag; istri paměgět kabeh pada hookeun ningali pigarwaeun Radja; kabeh pada ngomong djeung batoerna: Paingan teuing Radja datang ka ninggalkeun nagara, kaedanan geus teu eling di kalingsěman; oerang oge lamoen tjara Radja meureun kitoe; kakara manggih istri sakitoe geulisna, noeroeb tjoepoe djeung. tjarogeteh. Radja geus soemping ka darat, kabeh pada ngaroendjoengan, Radja poetri kajoengjoen ngakoena ahdi-abdi; omong gagak hanteu njalahan, teu koengsi lila aja koeda beureum sarta beunang ngararangkenan njampeurkeun ka Radja, ari saoer Radja: Naha ijeu koeda kawas beunang njěloekan bae, mana kitoe oge balik ka imahteh koedoe toempak koeda ijeu! Gantjangna koeda rek ditoenggangan, tapi teu toeloes da kaboeroe dihalangan koe ki Djohanoes, toeloej eta koeda koe manehna ditoempakan sarta pestolna ditjokot dipake ngabědil koeda tea; ari geus ngabědilmah manehna toeroen deui, koedana paeh sapisan; rea djalma anoe ngomong kijeu: Naha Djohanoes maneh koerang adjar teuing, Radja rek noenggangan koeda, koedana koe maneh dibědil? Eta noe