Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/327

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

22

něda maap ka sakabeh noe aja didijeu, sakabeh kalělěpatan moegi dihampoera!

Ari geus soemping kadinja, Radja soemping hajang ningalikeun noe rek digantoeng, tapi ti kaanggangan bae. Djohanoes geus digantoeng, tapi panonna neuteup bae ka Radja barina ngomong: He Radja goesti koering! samemeh koering paeh hajang oendjoekan heula ka gamparan sagala rasiah noe geus kapilampah, soepaja pangbelaan koering njata, běběndon sareng hoekoeman gamparan koe abdi teu dipikir, sanadjan teu digantoeng oge, mowal boeroeng diri koering djadi batoe!

Toeloej ki Djohanoes tjatjarita, gěmět telela pisan, saramboet hanteu kalaroeng, sakětjap hanteu kaliwat, sakoemaha omongan gagak anoe tiloe dioendjoekkeun. Sabot ki Djohanoes Ijatjarita, rěp taja djalma anoe ngomong, djempe kawas gaang katintjak, soemawonna Radja waktoe ngadangoe datang ka tjiproek salirana koe tjikaringět, kabeh lalampahannana kabelaannana ki Djohanoes datang ka kitoe.

Ladjĕng Radja ngadeukeutan kana handapeun panggantoengan, kĕrsana rek miwarang noeroenkeun ki Djohanoes tina panggantoengan djeung ngoedar sagala tali-talina, soegan hanteu toeloes maotna. Barang rek ditoeroenkeun djisim ki Djohanoes koe ki kadjiněman, djisim miheulaan ragrag, diboeroe koe Radja koe andjeun, beut geus djadi batoe, saroepa artja, waloeja anggohotana, tjeuli, iroeng mata taja obahna, ngan geus djađi baloe hideung, panonna tjara mata simeut, boentjělik hanteu ngitjeup.

Radja kapijoehan bawaning kaget sarta ngahělas manahna, djalma noe rea hookeun tina mikir kalakoewan sakijeu anehna sakijeu ahengna, taja djalma noe ngomong sakětjap, sakitoe