25
reana reboe-reboe. Radja kapioehan pada ngantěp bae, lila-lila Radja eling, para mantri ponggawa djeung para sěpoeh-sěpoeh pada ngadareukeutan ka Radja, sarta pada ngoepahan, dilělědjar manahna, soepaja kěrsaeun moelih ka boemi, da harita Radja kawas noe leungit akal bae. Tina bawaning bisa noe ngoepahan, Radja geus djědjěg elingannana, pok ngalahir ka patihna, saoerna: Hajoe oerang balik, tapi ijeu batoe, djisimna ki Djohanoes, koedoe gotong, oerang teundeun di kamar pangkoelěman koela, soepaja salawasna hiroep koela bisa reureudjeungan bae, hanteu pisah salawasna; sanadjan hěnteu bisa oesik malik oge djeung teu bisa ngomong, koe koela diangkěn djalma hiroep, djeung diangkěn sobat bae!
Ladjěng Radja moelih bari ngiringkeun gotongan noe saroepa artja, noe ngagotong taja tjatjahna; datang ka boemina, eta artja ki Djohanoes toeloej bae diteundeun di pangkoelěman diebogkeun dina kasoer baboet, sarta dikampoehan koe soetra dewangga.
Radja popojan gěmět, pisan ka garwana, sakoemaha noe geus ditjarilakeun koe ki Djohanoes, Radja poetri ngadjěrit, lěs kapioehan, rame noe narangiis sadjěroning poeri.
Sanggeus Radja poetri eling, toeloej Radja ngalahir deui ka garwa: Eh njai mana horeng kitoe lalampahan oerang daek pirang-pirang meunang balai, koe oerang oge bareto katendjo aja tiloe gagak areunteup dina tihang lajar, soegan teh lain kitoe omongna, djadi pitiwaseun ěngkangteh sakali, rek dibawa ngapoeng koe koeda siloeman, lamoen teu dipiheulaanmah sarta dibědil koe ki Djohanoes; doewa kali rek toetoeng koe panganggo tea, lamoen hanteu dikěkěsěk koe ki Djohanooes; njai nja kitoe bakal poepoes, lamoen teu dibidjilkeun gětih koe ki Djohanoes; koe pěrkara eta ajeuna koe