24
oerang didjijeun sapěrti djimat bae, angkěn doeloer oerang, sobat oerang, soegan bae hiroep deui, djadi deui tjara bareto, moelih ka djati moelang ka asal.
Walon garwana: Soemangga! nja kitoe pisan. Kira geus aja doewa taoen ti waktoe harita Radja kagoengan poetra doewa paměgět, kasep ngala ka rama ngala ka iboe.
Radja istri paměgět asihna kabina-bina ka poetrana, beurang peuting teu aja deui damělna, ngan nimang-nimang poetra bae, djeung ngoesapan artja. Rěměn pisan Radja sasaoeran ka garwana: Komo teuing njaaheunnana ka anak oerang, lamoen heg Djohanoes hiroep keneh!
Radja sok toeloej nangis ari sasaoeran kitoeteh. Oenggal-oenggal Radja goegah koelěm, toeloej bae njampeurkeun ka artja ki Djohanoes, disingkabkeun kampoehna barina diasoepan ; sakapeungmah ditjioeman bari ditangisan, lahirna : Eh sobat aing doeloer aing, sanadjan sakoemaha oge aing nja aja soegih moekti, mowal djadi sampoerna kasoekaan, lamoen maneh teu moelih ka djati moelang ka asalmah. Kitoe bae lampah Radja oenggal- oenggal powe, sakapeungmah ari moelih ti padamělan, sok popojan tjara ka noe hiroep bae, njarioskeun lalampahan atawa papanggihan, sasaoeran njalira bae.
Dina hidji mangsa Radja istri sěpi taja di boemi, ari Radja keur tjalik di pagoelingan majoenan artja sarta keur mangkon poetra, toeloej Radja ngoesapan artja, tjisotjana ngoetjoer bae, lila-lila Radja ngalahir: Tjing atoeh koemaha pětana hajang bisa ngahiroepan deui maneh?
Tidinja batoeteh ngomong: Ari abdimah mowal bisa ngahiroepan maneh, ngan gamparan lamoen ngĕrsakeun meureun ijasa, doeka kadoega hĕnteunamah tina beurat saratna!
Radja kaget, toeloej njaoer: Naon saratna?