28
Radja istri eureun nangisna ngahoelěng ngamanah-manah; ras njaah ka poetra, ras njaah ka ki Djohanoes, sakitoe belana, belana něpi ka ngaloepoetkeun kana pati, djeung wantoening istri binangkit sarta soerti djadi geus kamanah bae sěmoe paměgět, jen bangět běratna ka ki Djohanoes, ladjěng ngawalon: Bo! etamah engkang ĕnja pisan oerang njaah ka anak, tapi lamoen dielingkeun kabelaan Djohanoes ngaloepoetkeun pati oerang, nja dikoemahakeun, koering sědja ngiringan pisan, soemangga poetra dipeuntjit, ari jaktosmah djadi matak hiroep deui ki Djohanoes! Tidinja ladjěng Radja mopojan, jen eta enggeus kapilampah, ditjarioskeun ti awal něpi ka ahir, sarta disaoer ki Djohanoes, ladjeng moendjoeng ka Radja istri, Radja istri nangis, ki Djohanoes tjeurik.
Radja ladjěng njaoer patih djeung para ponggawa sarla para sěpoeh-sěpoeh sarta nimbalan ka patih, miwarang sasadiaan tata-tata, mengke ti peuting ngersakeun pesta. Patih geus tata-tata ngoempoelkeun sagala tatabeuhan djeung sagala pahormatan, oerang sisi daratang ti soeklakna ti sikloekna, pada hajang njoho ki Djohanoes geus djadi deui djalĕma, moelih ka djati moelang ka asal.
Barang reup peuting pesta rame kabina-bina, sakabeh baraja ki Djohanoes pada kaoel, pangampih Radja oge pada kaoel, tina galĕde manah Radja djadi rěgreg deui, geus kagoengan deui pakarang, da sabot ki Djohanoes djadi artjamah Radjateh taja pisan kalědjarannana djeung taja pisan kalakoewannana ngan nimang poetra djeung ngoesapan batoe bae, tjatjak lamoen didatangan moesoehteh, kari boes bae ka karaton, poelih sabab nagara geus roentang-ranting, ajeuna bakal poelih deui. Lilana ki Djohanoes djadi batoe tiloe tahoen, sakitoe Radja ngangloehna, panatana atawa basana Radja ka