29
ki Djohanoes lain deui djeung sasari, ajeunamah diangkěn tjara ka saderek sěpoeh bae, ngabasakeunnana sobat bae, dipaparin pangkat pinisěpoeh, diboemian di djěro karaton bae, soepaja těpoeng oenggal powe; patih djeung sakabeh mantri ponggawa pada toendoek bae, tina kaoengkoelan pangawĕroeh, kahandapan pangabisa, katitih rea pangarti; sagala noe darĕngki pada ngaděděmpes bae, pada sarijeuneun dibalěs, tatapi ari ki Djohanoesmah, sakitoe diagoeng- agoeng, taja pisan angoekloengna, taja pisan angkoehna, handap asar amis boedi, bisa pisan meuli ati djalma, nja kitoe deui bisa pisan ngasoeh Radja, sapapandjangna mawa djalan běněr bae; koe pěrkara eta nagara tambah gegěk tambah rame bae, moekti noe tani beunghar noe dagang.
Kira-kira geus satahoen lilana tina ki Djohanoes hiroep deui Radja ngalahir ka garwana: Njai oerang geus meudjeuhna ngadeuheusan ka rama ka iboe, tina geus sakijeu lilana oerang tatjan ngadeuheusan, nja eta tina oedjoeg-oedjoeg pinoeh koe kasoesah bae, ajeuna oerang geus lipoer tina sagala kasoesah!
Rajina ngawalon: Bo koering langkoeng nja ngiring, tada teuing iboe rama soekana, dikintĕn-kintěn koering leungit bae, atawa dikinten geus paeh bae, kantoen-kantoen koering dongkap mawa salaki Radja gěde djeung geus mawa anak doewa!
Lahir Radja: Měngke oerang rěrěmpoegan heula djeung sobat oerang noe njanking sěsěpoeh ki Djohanoes disaver, teu lila dongkap, Radja mirěmpag, lahirna: Koemaha koela teu perloe ngadeuheus ka sěpoehan, tina sakijeu tatjan ngadjoeroeng-djoeroengkeun atjan? Enggal ki Djohanoes ngawalon: Bo djisimkoering oge geus gadoeh pikiran kitoe, ngan tatjan oendjoekan, dji-