Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/337

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

32

boewan nagara rama, geus balaboeh sarta njeungeut marijěm, ti darat geus ditembalan, teu lila djěboel sampan kijahi patih djeung para ponggawa sarta djeung garwana, dipiwarang mapagkeun, geus naraek ka kapal, enggal pada ngarontok, kitoe deui ka Radja istri, bawaning koe sono, ejar noe maridangdam. Kijahi patih oendjoekan ka Radja: Timbalan moegi enggal-enggal, rehna rama iboe hojong tepang sareng Radja istri paměgět! Enggal nganggo, sanggeus tarapti ladjĕng djĕngkar nitih sampan, para ponggawa istri paměgět pada ngariring Radja; Radja geus soemping ka darat, di basisir rame tatabeuhan pahormatan, sora marjěm patingdjalĕgoer asa kaindit, di djalan heurin oesik koe noe nongton, ti watĕs lawang karaton nepi ka boemi didjadjaran koe bodjo para mantri, kentja katoehoe.

Barang Radja anom ngaliwat, pada ngawoerkeun kěmbang djeung pada njěboet bagea soemping! Barang soemping teu țata pasini deui, gabroeg bae Radja istri sěpoeh ngarontok ka poetrana barina nangis.

Sanggeus lĕdjar ladjĕng tjalik ladjeng barang toewang, para mantri semah dirijoengkeun di mandapa disanghareupan koe kijahi patih djeung para mantri priboemi, ki Djohanoes tjalik panggirangna, ngoendoeng-ngoendoeng soesoegoehna. Radja anom dikoelěmkeun di boemi bae, ki Djohanoes nja kitoe deui, teu meunang anggang, para mantri pangiring dipĕrnahkeun di kapatihan.

Geus meunang saboelan Radja anom di nagara ramana, oenggal powe taja eureunna raramean bae, matjangkrama, loeloemban di laoet pirang -pirang poeloeh sampan anoe ngariring, atawa ngagarogol oentjal měntjěk di leuweung di těgal.

Hidji mangsa keur noedjoe tjalik di boemi hěnteu keur