amĕngan pada tjaralik di mandapa, Radja anom mimiti njarioskeun lalampahan andjeun djeung garwana, ki Djohanoes aja didinja ngadeuheusan. Dina lěbah njarioskeun mimiti ningali gambar, Radja sěpoeh sareng garwana sĕmoe kaget dina lěbah njarioskeun keur njamoer nepi ka Radja poetri njeuseul njěsěděk ka Radja poetra di kapal, Radja sěpoeh istri paměgět goemoedjĕng bae.
Dina lěbah njarioskeun gagak tiloe kitoe pokna, Radja sěpoeh istri paměgět bĕngong bae, salira tjiproek koe karingět,sotjana panon simeuteun, pameunteuna reup geuneuk raj pias; dina lěbah Radja poetri kapioehan, Radja sěpoeh istri ngaděngek ladjĕng kapioehan, digoegoeloeng koe poetra, lila lila eling.
Radja anom ngěbatkeun deui lalakon něpi ka ki Djohanoes digantoeng, něpi ka ngadjadi batoe, sapěrti artja. Radja sěpoeh istri paměgĕt hookeun bae; lěbah kagoengan poetra djeung ki Djohanoes hiroep deui djadi djalěma, Radja sěpoeh istri paměgět pada ngarontok ka ki Djohanoes, noemboe oemoer njimpaj njawa, Radja sěpoeh ngalahir ka Radja anom: Ama ngiloe ngakoe anak ka ki Djohanoes, koe ama nji poetri dititipkeun salawasna; djeung deui tadina karěp ama pedah ama teu boga anak lalaki, nji poetri rek diserenan nagara, děmi ajeuna koemaha kersa andjeun, soekoer lamoen kĕrsa ngalih kadijeu, oepama hĕnteu kitoe, ijeu si oedjang tjikalna koe ama ditěda, rek disĕrahan nagara, ama rek ngabagawan, njĕnangkeun pikir!
Diwalon koe Radja anom: Ari djisimkoeringmah njoehoenkeun tětěp diditoe bae, pěrkawis poetoe gamparan ka sanggakeun pisan, nanging njoehoenkeun sarantos doewa tahoen deui bae, rek dipěrětěk heula pangartosna, diseren-