Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/346

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

TAROMPET NOE AHENG.

Djaman baheula aja hidji lalaki di nagara walanda anoe ngaran Doensal, ari pamadjikannana ngaran Doertji; děmi kahiroepannana keur njandangan anak bodjo, euweuh deui ngan tina běbědil ka leuweung, moro centjal moro měntjěk.

Nadjan rea oge di nagara eta noe bisa běbědil, euweuh noe nanding ka Doensal, tina ti boeboedak euweuh deui kalakoewanna, datang ka ajeuna bisa njoekoep indoeng bapana teu pisan kabalangsak, cenggal moro sok tara pisan loepoet.

Dina hidji mangsa manekna indit deui rek moro, tapi wěleh něpi ka hoeril teu pisan manggih koewa kijeu, soemawonna meunangmah. Ari sasarina isoek-isoek indit ti imah, ari datang těngah powe sok rebo, ari harita geus boeritteh iděr-iděran keneh bae noe tara ge disorang, bawaning panasaran, wantoe teu toetoer balik ka imah lengoh, ěnggeus wělah manehna teeloej bac moelang, bari amběk, sarta poering. Toeroeg-toeroeg ari datang ka imah, pamadjikannana amběk nendjo salaki datang boerit sarta teu beubeunangan, lengoh bae, kakara datang ka loepoet pisan teu meunang manoek-manoek atjan.

Isoekna manehna indit deui ka leaweung, garetek kamari teu beubeunangan, teu koengsi lila manehna manggih oentjal