Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/348

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

43

Hajang njaho, koe kami rek ditoeroetkeun sa papatahna, tapi lamoen meunangmah, hajang sapoeloeh kali sapowe njaloekan oentjalteh, da poegoeh djalma mararat, rea pisan kasoesah.

Toeloej tandoek kee manehna dibawa balik, sadjalan-djalan manehna mikiran eta bae, djalanmah teu dipikir, něpi kasasabna, wantoe geus rada powek, djeung didjěro leaweung. Enggeus tjape neangan djalan sasari, anggoer beuki ka djěro leuwenng, Doensal renwaseun sok sijean rea papanggihan, kalakoean didinja énggon sato anoe garalak énggeus peuting teh. Didinja keneh bae manehna ngomong didjěro atina: Soegan ajeuna aing wadjib njaloekan oenljaltch, menta toeloeng, toeloej tandoekteh didjijeun tjara tarompet, karépna rek ajeuna dilabeuh, tapi hadena manehna mikir heula, teu hade kitoe-kitoe bae menta toeloeng ka oendjal.

Doensal teu moendoer teu madjoe tjitjing bae didinja, da poegoeh powek mongkleng, mani ngalengkah ge geus teu poegeeh, ari keur heesmah mowal soesah, da rea dangdaoenan taloehoer, keur kasoer keur anggělmah.

Toeloej wanehna ngoempoelkeun dangdaoenan rek njijeun ěnggon, sabot keur kitoe manehna ngadenge sora adjag ti kadjaoehan, beuki lila beuki deukeut, pikir Doensal geus asa kop bae, dihakan sato leuweung, koemaha atoeh kamananja njoempoet, ari naek tatjan manggih tangkal kai, djeung deui teu kadeuleu koewa kijeuna, ěnggeus sapekpekeun nabeuh tarompet, rek njěloekan oentjal tea, soepaja kaboeroe boga pikiran kijeu: Era těměn lamoen aja noe njahoeun, jen aing disampeurkeun sato leuweung, menta toeloeng ka oentjal, toerta kami ěnggeus mashoer lalaki bědas euweuh kasijeun; manehna keur mikiran kitoeteh ngan dér bae hoedjan angin djeung gělap, dar der dor, tingbarangaj.