45
gělap sarta tarikna kabina-bina, Doensal datang ka lěslěsan, teu ingět bawaning reuwas, sanggeus ingět deui manehna ana nendjo ka handap, bět běrhalateh areuweuh, si horeng laloempatan kaboer sijeuneun koe goeloedoeg sakitoe tarikna.
Ajeunamah geus taja pikasijeuneun, moesoeh geus euweuh, sarta hoedjan geus raat, tinggal těrangna bae, geus rada peuting boelan bidjil, djadi tambah atoeh bae, toeloej manehna pěta-pěta rek hees, panon geus teu beunang dibeuntakeun hawaning koe toendoeh, Barang manehna geus lělěnjapan, karěpna rek hees sing tibra, tina sakitoe tjapena, bét aja noe kekorasokan dihandapeun manehna pisan, karedjat manehna hoedang bari njidikkeun anoe kokorosokan, ari diawaskeun da ngěmpraj tjaang boelan, bět aja hidji baroeang atawa singa-barong gěde pisan ngadon hees kadinja, tapi basa baroeang keur hees njarande kana tangkal kai, aja noe ragrag ti loehoer kana bangoesna pisan, ari eta noe ragragteh Doensal nintjak dahan noe geus toehoer, eta dahan reuntas, ari ninggang kana bangoes noe keur ngadon hees tea, baroeang ngaredjat bari nendjo ka loehoer, geus katendjo aja djalěma keur njangkere. Baroeang eukeur hajang barang hakan, djeung ambék koe sabab keur hees aja noe ninggang, toeloej bae naek kana loehoer kai barina sěsěgor.
Doensal geera-giroe njokot tarompet tea barina ngadaregdeg, sijeun baroeang kaboerce něpi ka manehna, tapi rag rég bae rek dilampahkeunteh ingět ka omongan oentjal tea, tjek manehnateh: Naha aing geus wěleh mětakeun tarekah sorangan, wět waka menta toeloeng ka batoer, ongkoh aing mawa pakarang gobang, bédil oge mawa, měngke lamoen geus teu beunang koe akal pribadi rek menta toeloeng ka oentjal.
Sanggeus ngomong kitoe toeloej manehna singkil, sarta