46
sadia pakarang ngadagowan moesoeh nepi ka manehna. Baroeang geus deukeut pisan ka manehna, ngan kahalangan koe dahan bae, dahan njogog pisan kana beuheungna djadi teu bisa ladjoe, toeloej Doensal njingkahkeun heula dahan, tidinja baroeang dikadek datang ka bidjil gětih, tapi sĕmoena anggoer beuki wani, sesěgor barina naek beuki loehoer, ari Doensal naekna nja kitoe deui beuki loehoer sarta toeloej koe Doensal dikadek deui, tapi ajeunamah baroeang geus euweuh tanagana anoe matak geus rea bidjil gětih, ngan bloeg bae ngaragragkeun maneh ka handap. Doensal tatjan wanijeun toeroen bisi koema onam, wantoe tatjan poegoeħ koewa kijeuna djeung teu daekeun hees, djadi nepi ka isoek ngadedengekeun anoe marěgoeng bae dihandap.
Lila-lila hoemarĕgoengna eureun, geus teu bisa oesik malik, djadi baroeangteh geus paeh. Ari braj beurang Doensal goera-giroe toeroen tina loehoer kai, njampeurkeun kana baroeang noe geus paeh, haběn diboelak-balik bisi tatjan paeh pisan, geus tetela jen baroeang geus paeh, toeloej bae manehna balik, mani satengah loempat bawaning koe atoh.
Pamadjikannana atoheun pisan salakina datang sarta salamět. Tatjan tjarita koewa kijeu ka pamadjikannana, anggoer indit deui mawa batoer ka leuweung, teu lila daratang deui sarta ngagarotong baroeang tea.
Bo mani gendjlang barang bel teh, datang kolot boedak kabeh pada laladjo baroeang, wantoe arang aja noe meunang. Laoekna dipitjeun ngan koelitna koe manehna diarahteh.
Toeloej manehna sanggeus reureuh tjape, tjarita ka pamadjikannana hal oentjal djeung tarompet tea, panadjikannana bengong bae, satadinamah teu nganděl, tapi lila-lilamah nganděl djeung atoh, beurang peuting euweuh deui noe diomongkeun.