47
Oenggal powe pamadjikannana ngomong ka salakina pokna: Ari kahajang koeringteh atoeh ajeuna bae geura tabeuh tarompettieh, geuning oerang rea pangaboetoeh! Salakina sok rěměn pisan ngamběk ari pamadjikannana ngomeng kitoeteh, tjek salakina: Ajeunamah lamoen sakali-kali deui maneh ngomong kitoe, geura tarompetteh dibikeun deui bae! Ari dikiloemah pamadjikannana sok sijeuneun, tara daek-daek deui ngomong. Eta tarompet diteundeunna tara dilalaworakeun dina almari bae, sorogna sok disoempoetkeun, da sijeun ditabeuh koe pamadjikannana.
Atoeh heuki dikitoe Doertji beuki panasaran bae hajang geura ngadjaran harangpenta ka oentjal.
Hidji mangsa Doensal djeung pamadjikannana diondang ka noe karija. Ari tjek Doertji ka salakina: Tjing atoeh geura pek tabeuh, kacela geus teu boga papakean, ongkoh diondang ka noe karija, ari make noe boetoetmah da era! Walon salakina bari běngis: Naha ongkoh hoga noe hade, montong hade-hade teuing, atoeh oerangmah da poegoeh mararat, ari hajang gindingmah make kěmbang bae.
Pamadjikannana teu ngawalon anggoer ngadjěngket indit barina amběk, tapi ari dina djěro hatenamah soeka boengah reh geus nimoe piakaleun: Ari reup peuling manehna api-api aja leuleungiteun ngotektak saloewar imah, tapi ari noe diteangan teamah eta sorog almari noe dieusi tarompet tea, teu koengsi lila eta sorog kapanggih, kalah koe dihaběn dikotektak, ari salaki geus hees tibra da tjape, eureun tina pagawean.
Toeloej almari koe pamadjikannana diboekakeun sarta tarompetna ditjokot dibawa ka pipir imah. Wakloe harita tjaang boelan, toeloej tarompet ditabeuh, tapi teu bědas da