48
sijeun hoedang salakina. Sanggeus nabeuh tarompetteh ngan djol bae oentjalteh datang njampeurkeun kadinja.
Ari tjek oentjal: Naha rek naon mana njěloekan kaoela? Tjek Doertji: Kaoela diondang ka noe karia, tapi teu boga papakean hade, ajeuna kaoela něda ka sampean! Walon oentjal: Aeh-aeh koetan maneh noe njaloekanteh, panjana kaoela salaki maneh, naha henteu era make barang salaki, ongkoh rěměn dipagahan koe salakiteh, naha henteu didenge? Geura mengke noe teu noeroet ka salakiteh rasakeun! Eta oentjal ngomongna ngan sakitoe bae, les bae ngaleugit deui.
Doertji reuwaseun pisan sarta kadoehoeng tara noeroet ka papatah; toeloej bae oenggah deụi ka imah bari ragragan tjipanon, toeloej njampeurkeun salakina ka ĕnggon,
Ari isoek-isoek manehna hoedang pangheulana, teu poegoeh rarasaan, toeloej ngoesap beungeut, ngan dengek bae ngadjĕrit, bawaning koe reuwas; djadi beungeutnateh keusrak tjara indjoek, ari pek dieunteungan oeroet pipi sakitoe aloesnateh, ajeunamah bět godegan djeung djanggotan, alah batan salakina. Barang manehna nendjo kana eunteungteh ngan roempoejoek bae kapoehan, ari ingět bět geus digoegoeloeng koe salakina.
Doensal reuwaseun pisan barang nendjo pamadjikannana bět djadi kitoe, toeloej bae nanja koemaha oesoel asalna satadinamah, Doertji wěleh bae teu daek ngakoe, lila-lila tjatjarita ka salakina, bari soedjoed kana soekoena, bajang dihampoera sagala dosa, tapi tjek salakina: Tah kitoe noe tara noeroet ka papatah salaki teh; ajeuna koemaha da kamimah teu bisa ngaleungitkeun eta, ajeunamah soegan oerang jaloekan bae oentjalteh, tah kadinja maneh nja menta dihampoera!