Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/355

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

50

tjek oentjalteh: Lamoen sampean hilang kaoelamah teu bisa noeloengan ka pamadjikan sampean, ajeunamah leuwih hade kijeu bae, sampean hilangteh mowal miheulaan pamadjikan, djadi barĕng bae, hiroep bareng hiroep, paeh baring paeh! Sanggeus ngomong kitoe oentjal ngaleungit deui.

ASMARANDANA.

Ijeu oge aja misil, beunang dialap ibarat, djalma tara geseh hate, pageuh njěkělan djangdjina, tjara ki paninggaran, teu loepoet sapoetjoek ramboet, sangkilang rea gogoda.

Enggeus sababraha kali, rek kadatangan tjilaka, tarompet henteu dipake, da oentjal kitoe djangdjina, teu meunang lalawora, lamoen teu aja noe pĕrloe, noe těgés matak tjilaka.

Geuning sababraha kali, ki Doensal rek tjilakana, rek nioep eta tarompet, malikan deui pikirna, bowa tatjan waktoona, nioepna moenggah teu toeloes, da tatjan wěleh akalna.

Ingět ka djangdjina tadi, oentjal njarek sambewara, lamoen poegoeh ĕnggeus wěleh, mětakeun akal tarekah, oelah rek gantjang-gantjang, nadjan baroeang rek noebroek, dilawan bae koe akal.

Hanteu gantjang reuntas pikir, pageuh njěkělan djangdjina, kitoe deui daměl tjonto, oerang moen boga rasiah, titipan sobat-sobat, oelah sok babari bitoe, ahir manggih kasoesahan. Di awewe di lalaki, sok aja noe kalěpasan, paribasana mihape, kaoela manggihan bedja, tapi rasiah pisan, poma oelah pisan bitoe, bisi teu hade těmahna.

Panggih djeung sobatna deui, pok deui kitoe saoerna, poma oelah oetjah-atjeh, ijeu rasiah katjida, ari toengtoengna pisan, eta rasiah tea, woengkoel bitoena nja ti andjeunna.