TJIKAHOERIPAN.
Aja hidji Radja noedjo teu damang walěs, doekoen-doekoen dikěloen, paradji dikěrid, ti soeklakna ti sikloekna, ganti-ganti landong děngděng bae kasawatna; djampe paradji teu matih, dowa teu měntal, doekoen teu mandjoer, anggoer madjoe teudamangna, sadajana para ponggawa pada bingoeng, sarta pada karěmit djeung bodjona,di karaton geus dinjanaan samar měnjat deui.
Ari Radjatea kagoengan poetra paměgět tiloe, djagdjag waringkas, taja katjatjadna dina salira, ngan lébah pangartosna djeung boedi basana noe doewa teu sae, doegal boedigal, langkoeng saoer, lanjap njabda, ambék sakoelit bawang, sakětjap kadoewa gobang.
Ari poetra noe boengsoe, manis boedi handap asor, hade tjarek ka saderek, hade basa ka haraja, akoewan ka doeloer-deeloer, someah ka semah-semah, daredeh ka celocn koering.
Katjarita poetra noe tiloe sangět saroesah manahna, reh ramana sakitoe walěsna, tiloewannana los ka poengkoereun boemi, tjaralik dina kěbon kěmbang, barina narangis, sasambatna: Eh Allah koemaha bae pětana lamoen ama dongkap ka adjalna; ajeuna ama sakitoe walěsna, ari landong-landongngan ngabeungeutan bae, doekoen kalah ka sanggoep, paradji kalah ka djandji, damangmah hěnteu, geus kaloewar oewang