35
rea pisan kana poporot njaosan pamoendoet doekoen, paměrdih paradji! Eukeurna sasambat kitoe, djol bae aki-aki djanggotna bodas, noe kakara harita papanggih.
Radja poetra noe tiloe kaget djeung sijeun koe eta aki-aki, kagoengan pangira jen eta lain aki-aki samanea.
Tapi tina bawaning njaraah ka rama, ngaloedeungkeun andjeun bae.
Aki-aki naros: Koe naon gamparan narangis? Walon poetra Radja: Eh aki kaoela keur kasoesahan pisan, nja eta ama teu damang, geus taja djampe noe mental, soegan aki jasa ngadangoe, atawa soegan aja pitoedoch pilandongeunnana?
Aki-aki ngawalon: Aja pisan pilandongeunnana, tapi soesah pisan ngalana, di goenoeng anoe aja talaga tjikahoeripan; lamoen ngaleueut eta tjai, dadak sakala damang, malah djadi tambah anom deui, koelit noe geus kěnjod, sotja noe geus lamoer, tjěpil noe geus teu ngadangoe, ramboet noe geus bodas, oerat noe geus kendor, eta mangke lamoen geus ngaleueut tjikahoeripan, djadi waloeja kabeh, moelih ka djati, poelang ka asal.
Radja poetra noe tiloe pada ngawalon: Sanadjan sabraha hesena soesahna koe koela dilampahkeun bae! Eta aki-aki leungit tanpa lebih, les ilang tanpa karana.
Radja poetra noe tiloe kantoen harookeun bae, ladjĕng indit ka boemina, oendjoekan ka ramana, sakoemaha omong aki-aki dioendjoekkeun kabeh. Lahir ramana: Beu! lamoen kitoe atoch oentoeng těměn, tapi koemaha sangkanna meunang? Poetra tjikal oendjoekan: djisim abdi bae njoehoenkeun idin rek leumpang neangan eta tjikahoeripan.
Lahir ramana: Oelah! matak djadi kasoesahan ama bae!