55
arĕngkoet, měrak patingkarotjeak, kabeh sato pada disada, njaksian ki tjabol njapa. Lampahna Radja poetra kaloenta-loenta, dina papaj djalan ngabaloengboeng tina wates papanggih djeung ki tjabol, beuki leutik beuki leutik bae, něpi ka sěrěg teu bisa madjoe, djadi kaděmpet koe gawir, koedana teu bisa madjoe, djeung teu beunang dibalikkeun, teu bisa moendoer teu bisa madjoe ; djoet Radja poetra loengsoer tina koeda, tjalik dina batoe, koedoe tjitjing teu bisa oesik malik, wantoening kadĕmpet, geus někanan matihna panjapa ki tjabol.
Toenda heula Radja poetra tjikal noe keur kasangsara kadjěpit koe gawir.
Kotjapkeun poetra panengah, reh rakana geus toedjoeh powe toedjoeh peuting tatjan soemping keneh bae, njaoer sadjěroning manah: Sjoekoer engkang teu soemping, atoh oge kodjor, poewas oge modar, aing mangke noe meunang tjikahoeripan keur ngalandongan ama, tangtoe ama damang, djeung langtoe ama tambah njaaheun ka aing, pok deui amitan ka ramana: Noen rama sarchna poen lantjeuk tatjan soemping, djisimkoering sědja njoehoenkeun paidin njoesoel poen lantjeuk sareng ngala tjikahoeripan baris ngalandongan gamparan!
Lahir ramana: Montong! enggeus lantjeuk maneh teudatang, maneh deui ajeuna rek leumpang, lamoen doeloer maneh katiwasan djadi ama kapoosan koe doewa anak! Tina keukeuhna poetrana amitan, roepana koe bawaning njaah, lahir Radja: Los bae atoeh ari keukeuh-keukeuh teuingmah, tapi masing ati-ati, pamolah maneh koedoe pitjeun, adat doegal boedigal langsoeng saoer lanjap sabda, pojokan siptaan, bisi aja noe ngalawan!