Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/362

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

57

Radja poetra ngeureujeuh bae amitna, geus kitoe Radja ngawidian lahirna: Los bae, tapi masing ati-ati oelah weja lalawora, oelah tjara lantjeuk-lantjeuk, moega masing tětěp tjara adat noe geus kadjeueung koe ama! Radja ngalahirna kitoe bari nangis.

Radja poetra soedjoed njioem sampejan ramana diamboeng ĕmboen-ĕmboenannana.

Geus kitoe ladjĕng djěngkar, sadjalan-djalan taja noe dimanah kadjaba moega-moega kapanggih eta enggon tjikahoeripan baris landong ramana, djeung moega-moega eta raka-rakana masing salamět oelah meunang balai.

Kotjapkeun gantjangna bae, geus asoep ka sisi leuweung, prok deui djeung ki tjabol.

Radja poetra kaget ningali djalma tanpa daksa, tjabol, sorangan didjĕro leuweung, njaoer sadjeroningmanah: Ijeu kawas lain djalma samanea, leuwih hade koe aing dihandapan, sanadjan taja goenana, tapi mowal aja bajana.

Ki tjobol naros: Gamparan anoe ti mana, rek kamana, naon noe disědja?

Radja poetra ngawangsoel: Koela poetra Radja noe keur nandang prihatin, rama teu damang, walěs pisan, geus teu aja landong atawa djampe noe měntal, tapi aja pitoedoeh: Bowa damang koedoe dileueutan tjikahoeripan!

Ki Tjabol naros deui: Koemaha gamparan geus oeninga eta pernahna tjikahoeripan? Radja poetra ngawalon: Nja eta noe matak koela soesahtel koe teu njaho dina pěrnahna; tatanja taja pisan noe noedoehkeun, anggoer pada njeungseurikeun.

Ki Tjabol hatoeran deui: Koe sabab gamparan hade manah boedi manis, henteu angkoeh kamagoengan, lain tjara raka