Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/363

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

58

raka gamparan, noe geus ngaliwat ti heula, lengoes angkoeh menak aing teu deungeun, saha noe daek noeloengan djalma kitoe, ajeuna koering njaah ka gamparan sarta sědja noeloengan soepaja laksana kěrsa gamparan.

Di pajoen aja hidji nagara noe geus ditěnoeng Radjana, moesna, kantoen poetrana sahidji istri, aja keneh di karaton sarta masih roepa manoesa, sadjaba ti karaton geus djadi leuweung, djalmana mangroepa monjet, owa, soerili, loetoeng; ijeu djalan tĕroes bae ka gědong, noe geus ditěnoeng tea; eta tjikahoeripan aja didinja, dina hidji kamar aja soemoer. Ijeu koering ngahatoeranan panggitik beusi djeung roti doewa keureut, damělna ijeu beusi gitikkeun kana lawang, tangtoe braj bae moeka, kantěnan gamparan ningali doewa singa, noe sakalangkoeng matak gilana, eta doewa singa asalna kadjadjaden doewa patih, nja eta patih di nagara eta, patih djěro djeung patih loewar, geuwat bae paparin eta roti sakeureut sewang, tangtoe repeh taja sakara-kara, geuwat gamparan njioek eta tjikahoeripan sarta oelah leleda, koedoe gěgěntakan, karana děmi geus neng poekoel doewa wělas ela panto sok meundeut sorangan, kantenan gamparan mowal ijasa bidjil; mangka didjĕro gĕdong eta gamparan rea pisan papanggihan.

Radja poetra ngalahir: Noehoen pisan sakabeh pitoedoeh sampejan, mowal aja noe kaliwat, sědja dilampahkeun kabeh!

Ladjeng Radja poetra angkat noeroetkeun djalan sapitoedoeh ki tjabol. Sadjalan-djalan rea pisan sato noe katingali, nja eta monjet, owa, loetoeng, soerili. Gantjangna Radja poetra soemping ka karaton , bět manggih lawang saketeng loehoer sarta pinoeh koe oekiran, kentja katoehoeweun lawang badawang direka raksasa rek pěrang, pada njarangking pedang, bral diliwat, dihareup manggih deui něpi ka toedjoeh hambal,