Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/364

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

59

saban-saban lawang kitoe bae sakaroepa djeung lawang noe kahidji.

Tidinja beh gědong karaton pantona beusi, liwat saking aloesna, pinoeh koe oekiran, sasatowan, manoek-manoek, kěmbang-kembang. Radja poetra tjalik sakědap, ngeureunan palaj, geus aso ladjěng digitikkeun panggitikteh, lawang braj bae moeka, gaoer singa njěntak bari semoe rek ngarontok.

Geuwat bae koe Radja poetra dialoengan roti tea, sakeureut sewang, djěp repeh singateh bari sěmoe lindeuk.

Ladjěng bae Radja poetra ngiděr ka kamar-kamar, beh kapanggih tjikahoeripanteh dina hidji kamar dina soemoer leutik, herang ngagentjlang sarta seungit kabina-bina;ladjĕng Radja poetra njioek dieusikeun kana botol. Bidjil ti kamar eta, ngasoepan pirang-pirang kamar. Beh manggih poetra Radja paměgět noe geus ditěnoeng. Barang ret ningali satria soemping sakalangkoeng soekaeunnana, barina naros: Gamparan satria ti mana? Mana ijasa soemping kadijeu? Koering geus meunang gěněp taoen didijeu, kakara ajeuna koering papanggih djeung manoesa; koemaha gamparan noe mawi ijasa asoep, sapĕrkawis eta panto hĕnteu beunang diboeka, kadoewa perkawis aja singa doewa noe ngadjaga dilawang?

Ladjeng koe Radja poetra diwalon, ditjarijoskeun gěmět tetela pisan.

Radja poetra těnoengan hatoeran: Soekoer moegi gamparan ijasa ngaroewat, soepaja nagara ijeu bisa waloeja deui!

Ladjeng Radja poetra ngider deui kana kamar sedjen, pirang-pirang ningali doenja brana, parabot ĕmas inten, noe saoemoer kakara manggih. Dina hidji kamar ningali hidji pědang djeung sahoeloe roti aja dina medja, ladjěng ditjandak,