Tjatoerkeun gantjangna bae, prok amprok deui djeung ki tjahol. Barang ret ki tjabol nendjo jen Radja poetra boengsoe njandak pédang djeung roti, ki tjabol njalamétkeun: Bagdja těměn gamparan ujandak eta pědang, damělna lamoen dianggo pěrang malak noempoerkeun moesoeh, djeung eta roti tea seepna, sanadjan ditěda koe djalma laksaan oge mowal seep.
Djeung eta karaton anoe ditěnoeng tea geus pinasti koe gamparan diroewatna, djangdjina toedjoeh taoen ditěnoengna, ajeuna geus gěněp taoen tjampléng, ngarah sataoen deui; mangke dina pananggalan taocn hareup geuwat-geuwal gamparan kadijeu deui, pangmoekakeunnana lawang nja kitoe deui gitik koe panggitik beusi tea, djeung eta doewa singa koedoe gitik tangtoe djadi djalěma deui, moelih ka djati moelang ka asal.
Radja poetra ngawalon: Kaoela noehoen pisan kana sih pitoeloeng sampejan, mowal pěgat-pěgat nja narimakeun, sarěng koela sědja nares doeloer koela doewaan arinditna ti nagara heulaeun koela, ajeuna dimana ajana? Ki tjabol ngawalon: Eta saderek saderek gamparan doewananana keur disiksa koe koering, didjěpit koe goenoeng, itoengan teu paeh teu hiroep, da bongan langsoeng saoer, kamagoengan, mangsana ngaliwat kadijeu koe koering ditaros, ana ngawalon songong pisan, datang ka njěboetkeun montong hajang njaho di karěp aing, aing lain babad maneh; kitoe noe matak koe koering disiksa; lain tjara gamparan handap asor saoer manis.
Radja poetra ngadangoe omong ki tjabol kitoe, sakalangkoeng ngagětěrna, tina bawaning wělas ka saderek njaoer dina manah: Sanadjan aing salamět oge, ari doeloer-doeloer tjilakamah, teu ngeunah, sarta doeloer tjikalna noe baris ngagéntos rama.