Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/367

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

62

Ladjéng Radja poetra njaoer: Sangět paněda kaoela moega sampean ngahampoera ka doeloer doeloer kaoela, moegi sampejan ningali ka kaoela bae, koela pěrtjantěn pisan jen eta doeloer-doeloer kaoela koerang adab tatakrama, kitoe dadasarna, iboe rama oge geus wěleh ngawoeroek. Walon ki tjabol: Ajeuna koe koering rek dilepas tina siksaannana, tina ningal gamparan; antosan bae, mowal lila oge datang.

Teu lila djěboel saroemping, oelatna parijas kawas majit, barang gok sili rangkoel djeung pada narangis.

Radja poetra tjikal djeung panengah heraneun pisan ningali rajina tjahjana sedjen tambah mantjoer. Radja poetra boengsoe njarios ka rakana, taja pisan noe kaliwat, taja noe dirasiahkeun, nja eta tina taja pisan těrka awon, sahinasna waktja balaka.

Sanggeus tamat Radja boengsoe tjatarijos, Radja poetra tjikal djeung paněngah ngalahir: Soekoer pisan adi meunang tjikahoeripan keur ngalandongan ama, peupeurih ĕngkang teu barangbeunang; djeung soekoer pisan adi sadjaba meunang tjikahoeripan meunang pirang-pirang kaoentoengan sarta bakal boga nagara rarabi poetri. Tapi ngan lisan bae kitoeteh, ari dina manahnamah, doewanana dengki geus kagoengan manah dimana soenina rek dikanijaja.

Ladjěng djalĕngkar, kersana moelih, tapi henteu noeroet djalan tadi, kĕrsana rek ngalalana heula njorang ka hidji nagara, noe keur patjěklik pisan djalěma langlajeuseun, patinggaloler bae di těgal-těgal di djalan-djalan gede. Radjana geus teu ijasa noeloengan.

Toeloej Radja poetra boengsoe ngadjakan ngadeuheusan ka Radjana, raka-rakana noeroetkeun bae. Bral ngadareuheusan ka Radja nagara eta. Barang ret katingali koe Radja