63
aja semah datang sarta oelatna lain djalma djore-djore, sorotna noe mangkoe nagara, ladjéng koe Radja dipariksa: Arandika oerang mana? Rek kamana? Naraon noe disědja?
Radja Poetra boengsoe ngawalon: Abdi sědja ngalajad, doemeh nagara gamparan sakijeu karéksakannana kirang těda, kapĕndakna koe abdi djalěma patingdjaloprak di djalan-djalan.
Lahir Radja: Enja pisan koela geus teu bisa noeloeng, sanadjan aja keur meuli da taja benlijeun. Na koemaha andika noe matak nanja bisa noeloeng atawa nanja panganggoeran bae?
Radja poetra ngawalon: Noe mawi naros oge sědja noeloeng, ijeu njanggakeun roti sakeureut, tjěkap baris tědaeun sakabeh abdi-abdi. Radja kaget ladjeng ditjandak sarta dipětakeun ka abdi-abdi, dadak sakala waloeja tjoekoep koe roti sakeureut.
Radja poetra tiloewannana amit, ladjěng mangkat, beh deui manggih nagara noe keur perang kadeseh pĕrangna. Koe Radja poetra dideuheusan Radjana, kasampak keur ngahoeleng bae; barang ret ningali ka Radja poetra tiloe, kaget ningali semah tarěgěp karasep, ladjéng ditjalikkeun sarta dipariksa Timana asal, rek kamana, naon noe disĕdja?
Di walon koe Radja poetra boengsoe: Sědja ngalalana bae, sareh gamparan keur pěrang, abdi sědja ngalajad,
Radja ngawalon: Koemaha andika sanggoep djadi senapati? Radja poetra boengsoe ngawalon: Lain sanggoep djadi senapati, ngan ijeu ngatoerkeun pedang, mangga anggo němpoeh moesoeh, koe koering diantos, dimana moesoeh geus eleh, ijeu pedang disoehoenkeun deui.
Ladjĕng pedang ditampi, gantjangna geus meunang pĕrangna, pědang ditampi deui koe Radja poetra.