Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/369

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

64

Radja poetra amitan, ladjěng djalěngkar, geus kitoe manggih deui noe kadeseh pěrangna, nja kitoe deui ditoeloeng koe pĕdang, meunang deui pěrangna, djadi geus tiloe nagara noe ditoeloeng koe Radja poetra boengsoe.

Ladjěng arangkat mapaj-mapaj basisir sědja těroes moelih ka boemina. Tina bawaning palaj eureun disisi basisir, ngijoehan dina handapeun kai gěde sisi basisir.

Radja poetra boengsoe tina bawaning palaj sarena tibra pisan.

Kotjapkeun eta Radja poetra tjikal djeung panĕngah sapandjang djalan teu pětot-pětot ngamauah, hajang ngarĕboet tjikahoeripan, ngan tatjan manggih wejana, děmi ajeuna, kaběněran raji keur sare tibra.

Radja poetra tjikal njaoer ka rajina paněngah: Adi geus mangsana ajeuna, oerang paling eta tjikahoeripan, gantian koe tjilaoet, tangtoe mangke rama běndoe ka si boengsoe, manan meunang pala anggoer meunang paloe, manehna hesena oerang bagdjana; ingkeun sina tiheula si boengsoe; njanggakeun tjilaoet, tangtoe rama tambah ngangloehna, běndoe ka si boengsoe, geus kitoe oerang njanggakeun tjikahoeripan anoe ĕnja, tangtoe rama damang, sarta oerang diserenan nagara; dimana geus poepoes ama, nagara oerang paro, saba sobatna si boengsoe oerang basmi! Walon rajina: Lĕrĕs, hajoe oerang enggal bae pindahkeun kana roewas oerang eta tjikahoeripan Tjoer ditjitjikeun kana roewas, ari botol geuwat dieusian tjilaoet.

Radja poetra boengsoemah tibrah keneh hae koelěmna. Ari geus entep polahna si djaroelig, geuwat nanghikeun rajina ngadjak ladjěng angkat.

Geus goegah bral arangkat deui. Teu katjatoer di djalanna,