Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/374

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

69

palangsiang eta tjikahoeripanteh beunang siboengsoe, kawas-kawas aja ilham, sěblak bae beurat pisan manahna, kadoehoeng hanteu ditoeroet pioendjoekna ki patih, tinggal adil hanteu dipikir heula těpi ka datarna, tapi hěnteu lisan njaoer sadjěroning manah bae.

Radja keur ngamanah-manah kitoe, djěboel ki paninggaran dongkap. Radja njěblak manahna ari poetra tjikal djeung paněngahmah sémoe soeka pisan, goemoedjěng iirihilan, koe ramana direret koe djoeroe sotja, pamolah poetra-poetrana kitoe, beuki tambah panasarannana.

Toeloej ki paninggaran njanggakeun raksoekan noe pinoeh koe getih, djeung njanggakeun ati, eta ati koe Radja dipiwarang dikoeboer bae, teu ditingali-tingali atjan, raksoekan toeloej dipiwarang diampihan di djěro almari.

Radja ladjěng ebog di pakoelěman, tjisotja moeroeboet ka poetra boengsoe.

Radja poetra tjikal djeung paněngah wantoening manah polos sabongbrong, ngan soekan-soekan bae, hěnteu ningal kana sěmoe rama, djeung hěnteu roemasa kana dosa andjeunua.

Toenda heula Radja noe keur soempěg manah djeung poetra tjikal noe keur soekan-soekan. Kotjapkeun Radja poetra boengsoe noe keur sědih prihatin, oedar-idér toeroet-toeroet leuweung, aja manahna rek ka karaton noe ditěnoeng teja njampeurkeun nji poetri, tapi ras tatjan datang kana oegana, satahoen deui tjamplěng, kakara rek roewat.

Ladjěng bae sakaparan-paran, djig kana kai sisi basisir tea didinja ngadon sare, dina handapeunnana, tiis kasilir koe angin; didinja matoeh, ari ti beurang barang ala dahareun, mapaj-mapaj sisi tjiwaloengan agala laoek, beubeu-