Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/376

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
71

Poetra tjikal djeung paněngah direheng teu dipariksa-pariksa, oenggal-oenggal ngadeuheus dikadjeunkeun bae.

Beuki lila beuki lělěb lingna ka poetra boengsoe, ladjĕng andjeunna njandak raksoekan poetrana noe disimpen dina almari teja, kĕrsana djadi landong sono; ditatap dioesap eta raksoekan dikodokan pesakna, bět manggih peso tikěl hidji leutik djeung soerat, enggal diaos eta soerat, tetela pisan ti mangsa andjeunna papanggih djeung ki tjabol, djeung ladjěng asoep ka karaton ditěnoeng teja, něpi ka njioek tjikahoeripan, sarta těpoeng djeung Radja poetri; eta tetela pisan sadjalan-djalan, taja noe kaliwat ditjatět kabeh.

Barang tamat Radja ngaos eta soerat tjatĕtan, tina bawaning ngahělas lěs bae kapijoehan; prameswari ngadjĕrit nangis, bari ladjĕng ditamasan, geus kitoe koredjat goegah, mopojan ka garwana saoenina eta sěrat, prameswari beuki lělěb nangisna.

Radja ladjeng ka kamar loewar bari miwarang njaoer ki paninggaran, barang dongkap ki paninggaran, ladjĕng dipariksa: Ki paninggaran tina geus njaho di sěmoe Radja jen kadoehoengeun miwarang moepoesan, djadi manehna teu mikir deui, toeloej bae oendjoekan: Noen goesti soemoehoen běběndoe goesti, sajaktosna poetra gamparanteh koe djisimabdi hěnteu dipoepoesan, di sina ngingkir djaoeh bae; ari eta ati lain manah poetra, ati oentjal beunang poetra koe andjeun ngabědil; noe mawi koe abdi hěnteu dipoepoesan, lain hěnteu adjrih koe běběndon gamparan, ngan koe bawaning njaah ka poetra bae. Sabab geus terang pisan jen poetra teu kagoengan dosa, koe abdi geus kakoeping rasiahna poetra gamparan, tjikal djeung paněngah, keur sasaoeran padoe-doewaan, lahirna: Si boengsoe noe hese tjape noe njiar tjika-