75
saroedjoed ka Radja, koe Radja ditjandak kaloewar, dipěrnahkeun di girangeun para ponggawa.
Poetra Radja noe ditěnoeng teja, disaoer dipěrnahkeun tjalikna girangeun patih sarta geus diidinan moelih ka nagarana, didjangdjian sataoen sakali koedoe ngadeuheus.
Radja njerenkeun sagala paparentahan ka ki patih, ditětěpkeun loenggoehna tadi, patih loewar patih djěro.
Katjarita geus satahoen lilana nagara tambah gěgěk.
Sang Radja eling kangěn ka iboe ka rama, njaoer ka rajina: Hajoe njat oerang ngadeuheus ka rama!
Rajina ngawalon: Soemangga simkoering sědja ngiringan! Enggalna miwarang dangdan-dangdan, isoekna djěngkar ratoes-ratoes noe ngiring sarta hidji mantri dipiwarang ngiběran ka ramana.
Kotjapkeun gantjangna bae, geus soemping ka nagara ramana.
Ramana miwarang mapag, mantri-mantri dibagi doewa bae, Saparo mapag, saparo njadijakeun, ramana ngantos di boemi. Barang soemping gabroeg bae dirontok bari ditangisan koe iboe koe rama. Radja istri digoeloeng koe měrtoewa istri, langkoeng-langkoeng Radja sěpoeh soeka boengahna ningali poetra geus djoeměněng Radja sarta njandak garwa sakitoe geulisna.
Barang-barang pamoelang tarima ti tiloe Radja teja geus diserenkeun kabeh, tapi Radja anom hěnteu kěrsaeun, walonna: Etamah sědja njanggakeun pangbakti djisimkoering! Radja anom meunang saboelan di nagara ramana, di beurang ti peuting soekan-soekan bae, taja eureunna.
Ladjěng pamitan ka ramana, koe ramana diidinan, pirang-pirang ratoes noe ngadjadjapkeun, sarta Radja anom didjangdjian koe ramana koedoe ngadeuheus oenggal tahoen, sarta