Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/385

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

80

manehannana koe sabab rěměn disěboet wantěr teu aja bandingna, tjitjing bae teu waktja jen lain dihadja, ngan seuri bae koe bawaning atoh, djadi poedjian sarereja.

Aki-aki geus něpi ka nagara sarta toeloej ngadeuheus ka patih, gek dijoek tjong njěmbah bari oendjoekan: Noen soemoehoen bĕběndoe abdi noe mawi oemeuheus bade aja pioendjoek ka gamparan. Saoer patih: Aja pioendjoek naon? Tjoba kaoela bědjaan! Toeloej aki-aki tjatjarita sakoemaha noe geus kapanggih, teu aja pisan noe kaliwat ; sanggeus tamat aki-aki njaritana patih ngadawoeh: Ajeunamah aki dagowan heula bae didijeu, kaoela rek ngadeuheusan ka Radja, aki oelah waka balik, bisi aja timbalannana koewa kijeu. Walon aki: Soemangga! Sanggeus dangdan ladjĕng raden patih angkat ka kadaton teu lila andjeunna soemping, geus mando pajoeneun Radja.

Toeloej patih oendjoekan ka Radja tjarita aki-aki teja, taja pisan noe kaliwat, kabeh geus kapioendjoek, sanggeus tamat patih oendjoekan, kandjěng Radja njaoer sarta bari sěmoe kagět: He ki patih eta tjarita aneh teuing, tjing eta toekang njijeun parijoek gagah, geura titah kadijeu; kami hajang geura njaho, eta bae aki noe poepoelih kadijeu teja geura sina balik njaloekan noe gagah poendjoel!

Raden patih tjong njěmbah barina loengsoer; patih angkat gagantjangan, teu lila geus soemping deui ka boemina, toeloej nimbalan ka aki teja: He aki geura los balik bae, eta toekang parijoek timbalan Radja koedoe kadijeu powe ajeuna pisan, oelah ěngke oelah isoek, Radja hojong oeninga roepana noe gagah poendjoel.

Aki-aki indit bari toeloej moelang, ari datang ka lěmboerna, ragok anoe pada nanja: Koemaha timbalan Radja? Anoe