88
ajeuna, anoe matak tjape keneh, djeung geus peuting ; isoek-isoek kami geus tangtoe ngadeuheus ; djeungna deui oepama koeda teu disanggakeun ajeuna, isoekan ari kami kaditoe, meureun koeda koedoe ditoempakan, beu era těměn lamoen kawiwirangan.
Pamadjikannana geus bral neangan lalaki noe oetama, titah njanggakeun koeda djeung soerat ka Radja.
Teu lila geus manggih hidji djalma noe geus aja oemoerna, noe daekeun dititah, pek koe manehna dipapatahan pikeun ngoeninga ka nagara. Sanggeus dipapatahan toeloej bae lalakiteh indit mawa soerat djeung noengtoen koeda.
Toenda noe keur loemakoe kotjapkeun kangdjěng Radja. Sainditna noe rek neangan moesoeh teja, manah Radja tatjan
raos, salěmpang ningal abdi sakitoe maloendoerna, taja taksiran pimeunangeun. Kangdjĕng Radja ngalahir ka Raden patih: He patih koemaha pětana ajeuna oerang geus tangtoe eleh, anoe matak kami nendjo balad atjan poegoeh-poegoeh atjan geus maloendoer! Eukeur Radja njaoer kitoe, djěboel titahan toekang parijoek tea, bari noengtoen koeda, loeat-leet kesang djeung ngaboedah bawaning tjape, Radja kaget ningali koeda, ditoengtoen koe noe lijan, lain koe toekang parijoek teja, kaget teu kiri-kira manah Radja, sijeun toekang parijoek katiwasan.
Gantjang kangdjěng Radja mariksa: Mana senapati, manehteh oerang mana, dititah koe saha mawa koeda? Ari walon lalakiteh: Noen goesti anoe mawi abdi doemeuheus, didjoeroengkeun koe abdi gamparan senapati teja, njanggakeun koeda ; ajeuna parantos dongkap, malah ngabantoen ijeu sěrat, sarěng noe mawi teu ngadeuheus ajeuna, rada oedoer sarěng tjape, manawi isoek bae.