Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/394

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89

Toeloej eta soerat ditjandak koe Radja, pek diaos ; kakara satèngahna ngaos sěrat, Radja djidjingklak bari soesoerakan, sakoer noe ngadeuheusan hookeun bae, geus kitoe Radja tjalik deui, namatkeun eta sěrat, sanggeus tamat pok bae Radja ngalahir ka patih bari sĕrat dipasibkeun: Palih ijeu soerat adji, naha hěnteu njana teuing, Radja sakitoe kandělna kaelehkeun koe djalma hidji, datang ka kaboer, toengtoengna sĕrah bongkokan, wadjib pisan toekang parijoek koe oerang tětěpkeun senapati. Ajeunamah patih geuwat bedjaan sakabeh mantri ponggawa, djeung deui koedoe njadijakeun pahormatan, isoekan koedoe papag koe sagala pahormatan.

Patih njěmbah ngawalon : Soemangga! Toeloej moelih, koe Radja geus kaidinan, geus kitoe miwarang nakol běnde, těngah peuting ngembarkeun timbalan Radja, kabeh pada soeka ati, djeung sakabeh pada bajang kaoel ka noe ngaleungitkeun moesoeh. Ari eta titahan teja koe Radja geus dipiwarang moelang, dipasihan doewit pirang-pirang. Katjarita isoekna rame pisan, didajeuhwasa kaindit, sagala pahormatan geus sadija, ngadagowan datangna bae.

Kotjapkeun ki senapati teja soeboeh-soeboel ĕnggeus indit leumpang bae, reja oge noe nawaran koeda, koe manehna ten ditampa, ari omongna: Kaoelamah rek toempak koedateh isin koe Radja, djeung era koe babatoeran, bisi padjarkeun koemaki, tapi satrangnamah sijeun tjara tjikeneh dibawa kaboer.

Teu lila manehna ka dajeuh geus datang, kabeh mantri ponggawa mapagkeun djeung sasalaman bari ngaromong: Koela kahoetangan gěde koemaha nja narimakeun ? Radja mapagkeun koe andjeun něpi ka lawang, toeloej ditjandak ka boemi djeung sakabeh para mantri, Raden patih teu tinggal.

Ki senapati tjaritana ngětjěwis, koe Radja hènteu pandjang